OK
Panduan

4 Dongeng Sunda Si Kabayan yang Populer, Bodor Pisan!

06 Mei 2024 · 7 min read Author: Ilham Budhiman · Editor: M. Iqbal

kabayan

dongeng sunda si kabayan | sumber: bali.voi.id

Dikenal sebagai salah satu tokoh fiktif di tengah-tengah masyarakat Jawa Barat, dongeng Sunda Si Kabayan memiliki unsur humor dan unik. Yuk, simak sejumlah ceritanya pada artikel ini, Property People.

Menurut buku Manusia Sunda: Sebuah Esai tentang Tokoh-Tokoh Sastra dan Sejarah oleh Ajip Rosidi, Si Kabayan adalah tokoh cerita rakyat Sunda yang paling popular dan sangat digemari.

Bisa dibilang, Si Kabayan merupakan bagian dari kearifan Sunda yang hidup dalam kebudayaan Sunda.

Berdasarkan karya ilmiah berjudul “Cerita-Cerita Si Kabayan: dari Kelisanan Pertama ke Kelisanan Kedua” yang ditulis Memen Durachman, awalnya cerita Si Kabayan hanya ada dalam tradisi lisan.

Namun, seiring perkembangan zaman, cerita Si Kabayan mulai dikenal dalam tradisi tulis yang meliputi cerpen dan komik.

Dalam berbagai cerita dongeng, tokoh Si Kabayan dikenal dengan sifatnya yang lucu, lugu, dan cerdik.

Oleh karena itu, banyak yang ingin mendengarkan dongeng Sunda Kabayan untuk diceritakan pada anak atau tugas sekolah.

Penasaran dengan dongeng Si Kabayan?

Melansir buku Piwuruk Basa: Disusun Luyu Sareng Kurikulum Muatan Lokal Basa Sunda oleh Suhaya, inilah kumpulan dongeng Kabayan yang menarik untuk dibaca.

Kumpulan Dongeng Sunda Si Kabayan

1. Dongeng Sunda Si Kabayan Ngala Nangka

dongeng sunda si kabayan

Sumber: webtoons.com

Si Kabayan Ngala Nangka

Si Kabayan keur males-malesan. Saré baé di imah. Mitohana keuheuleun pisan. Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana.

“Kabayan, ala nangka di kebon!” Ceuk mitohana.

“Males, Pa” Ceuk Kabayan.

“Naon manéh ngomong? Teangan nu kolot ngala nangka téh Kabayan!” Ceuk mitohana deui.

Kencling si Kabayan indit ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka.

Barang nepi ka kebon, si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggihan hiji nu geus kolot tur gedé pisan. Si Kabayan naék kana tangkal nangka. Manéhna metik hiji nangka anu geus asak. Barang di panggul, kacida beuratna.

“Wah moal kaduga yeuh, mawana,” Ceuk si Kabayan.

Tuluy waé nangka téh ku si Kabayan dipalidkeun ka walungan.

“Jung waé balik tiheula, da geus kolot ieu.” Ceuk si Kabayan nyarita ka nangka.

Teu lila manéhna datang ka imah.

“Kabayan, mana nangkana?” Mitohana nanya.

“Har naha can datang kitu? Apan tadi dititah balik tiheula,” ceuk si Kabayan.

“Manéhna pan geus kolot Pa, piraku teu nyaho jalan ka dieu.”

“Ari manéh, na mani bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha si Kabayan keuheuleun pisan.

“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik.” Ceuk si Kabayan bari ngaléos.

“Dasar pangedulan!”

2. Dongeng Sunda Si Kabayan Ngala Tutut

Si Kabayan Ngala Tutut

Hiji mangsa pamajikanana Teh Iteung, namina. Ari si Iteung téh nuju nyangu di dapur. Barang sangu geus badé asak, ari deungeunana teu aya. Da maklum ari Kabayan mah hirupna hayang senang. Ari usaha hayang nu enteng baé, usaha embung, tapi ari otakna mah saolah-olah rada cerdas Kabayan téh. Margi ari dipiwarang ka mana ka mana téh, ari geus tepi ka tempat manehna téh mikir.

Ceuk Iteung téh, “Kang Kabayan, ieu sangu geus badé asak, teu aya deungeuna, ari meuli da teu boga duit.” cenah.

“Ayeuna, jig atuh, neangan tutut ka ditu, ka sawah, ngala tutut ka sawah.” Ceuk Iteung.

“Ari Iteung mah gawéna téh nitah waé ka salaki téh.” Waler Si Kabayan.

“Ari teu ka salaki, arék ka saha nitah téh?” Ceuk si Iteung téh.

“Heu’euh, heug.”

Koloyong wéh manéhna téh neangan peralatanana, nyaéta kempis. Tuluy neangan useup.

Na geus meunang sagala rupi peralatanana manéhna téh indit ka sawah. Barang datang ka sawah, da sawahnya téh nembé kenging diolah, kenging macul. Manéhna mapayan galeng. Ari kitu tina galengna téh ka tempo handapna aya langit cenah. Dihandap.

“Uh.. jero sawah téh meureun, mun ancrub téh ti belebes.” Cenah.

Nah, barang kitu manéhna inget mawa useup, rék diuseupan wéh, cenah.

Tuluy masangkeun useup. Si tutut teh diuseup. Teu ancrub kana kotakan, da sieun ti lelep cenah, ka sawah, da aya langit ka tempo langit cenah.

Barang geus kira-kira pukul 12 siang, Si Kabayan téh teu acan dongkap kénéh waé. Ari pamajikanana ngarasa kesel. Ari kitu, tuluy ka mana, cenah Kang Kabayan didago-dago nepi ka kiwari can dongkap kénéh waé, sangu mah geus asak, geus tiis deui.

Ari dititah neangan deungeunna nya éta ngala tutut, nepi ka kiwari can datang. Panasaran manehannana téh.

Disusul ku awéwéna ka sawah. Barang geus datang ka sawah, kapanggih manéhna téh keur canukul wéh dina galeng, bari nyekelan useup. Barang geus datang kana tempatna téh.

“Kang Kabayan mana cenah tututna, di dagoan téh meni kesel nemen, geuning nepi ka kiwari can balik-balik?”

“Hésé ngala tututna gé, tara daek narandut kana useup.”

“Naha aya tutut diuseup?” Cenah, ceuk Iteungna téh.

“Atuh da ancrub baé kana kana kotakan.”

“Uhh.. sieun tiblebes, tempo ku manéh, aya langit.”

“Heh, Si geblék, ta mah kalangkang langit.”

Barang geus kitu, si Kabayan dijunjung, cenah nangtung, da tadi mah nagog, dijongklokkeun kana sawah.

“Tah da déét. Uhh… ari apal déét mah ti tadi dicokotan tutut téh.”

“Uhh… da manéh mah ngedul cenah gawé téh.”

“Hayu urang ayeuna balik!”

“Da balik mah érek. Da beuteung geus lapar.”

Barang geus datang ka rorompok téh disuguhan barang dahar jeung uyah wéh ku pamajikanana.

3. Dongeng Sunda Si Kabayan Ngala Lauk

dongeng sunda si kabayan

Sumber: yrama-widya.co.id

Si Kabayan Ngala Lauk

Geus sababaraha peuting Si Kabayan ngadengé béja yén tatangga-tatanggana lalintarna aruntung baé. Manéhna pohara kabitaeunana, mung teu boga pakakas.

Sanggeus mikir sakeudeung, manéhna manggih akal, tuluy nyarita ka pamajikannana.

“Jem, engke peuting Akang rek ngala lauk ka walungan, kabita ku batur aruntung baé.”

“Majar rék ngala lauk? Har, rék ku naon ngalana? Teu boga heurap teu boga useup!” Tembal pamajikannana haseum.

“Tong réa omong, manéh nyaho engké peuting dahar jeung beuleum lauk wé. Kadieukeun wedang paméré mitoha téh!”

“Cokot baé ku sorangan, tuh deukeut pago!” Tembal pamajikannana merengut kénéh.

Reup peuting Si kabayan indit ka jalan tempat liliwatan tatangga-tatanggana nu tos ngarala lauk. Manehna eureun handapeun tangkal caringin gedé. Tuluy ditaranjang, awakna dibalur ku wedang. Sanggeus rata, tuluy manéhna gugulingan dina kapuk bawana ti imah. Geus kitu tuluy nyumput.

Teu lila ti harita, jol jelema-jelema anu tos ngarala lauk téh ngaleut ka lebah dinya. Waktu abrulan liwat lebah handapeun tangkal caringin, jleng Si Kabayan luncat ka tengah jalan bari igel-igelan.

Puguh baé jelema-jelema anu narénjo aya mahluk bodas luncat ka tengah jalan téh paburisat laluncatan bari tingjarerit, cul kana bawaan.

“Jurig! Aya jurig!”

Kalawan riweuh jeung teu wéléh imut sorangan Si Kabayan mulungan lauk anu ngabayak sapanjang jalan nepi ka pinuh sasarung.

Geus kitu tuluy buru-buru balik sieuneun aya nu nganyahokeun, sieuneun katohiyan nipuna. Peuting éta Si Kabayan untung.

4. Dongeng Sunda Si Kabayan Ngala Roay

Si Kabayan Ngala Roay

Dina hiji peuting, si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral kaharumna, rada jauh ti lemburna. Di jalan, taya nu ngomong sakemek-kemek acan, sumawonna si Kabayan, da puguh nundutan kénéh, tuman héés nepi ka beurang.

“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, “sakitu geus kolot, na aya ku kadedemes-kadedemes teuing ka dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu bet jadi ngahukum. Keun sia, geura engké…”

Barang nepi ka huma, pék ngala roay. Mitohana pohara getolna, tapi ari si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur kabeubeurangan, balas ngarahun bawaning ku sangeuk di gawé.

Sanggeus rada lila ngajantengna, si Kabayan ngarérét aya karung roay, jol aya pikiran pikasenangeun, si Kabayan imut ngangelenyu.

“Mitoha, mitoha!”

“Heuy!”

“Kula rék ka cai heula, ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoannya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”

“Heug ulah lila teuing baé!!” Mitoha bari ngomong téh tonggoy baé ngalaan roay, teu luak lieuk.

Si Kabayan asup kana wadah roay, awakna diparungutkeun bari ngarungkupan manéh ka roay, nepi ka teu katémbong.

***

Itulah kumpulan cerita Si Kabayan yang humoris.

Semoga bermanfaat, Property People.

Temukan informasi seputar cerita rakyat lainnya hanya di laman artikel.rumah123.com.

Tak hanya itu, kamu juga bisa ngobrolin properti lewat Teras123lo!

Yuk, cek hunian impianmu melalui Rumah123 karena yang kamu cari #SemuaAdaDisini.


Tag: ,


Ilham Budhiman

Lulusan Sastra Daerah Unpad yang pernah berkarier sebagai wartawan sejak 2017 dengan fokus liputan properti, infrastruktur, hukum, logistik, dan transportasi. Saat ini, fokus sebagai penulis artikel di 99 Group.
Selengkapnya

IKLAN

Tutup iklan
×

SCROLL UNTUK TERUS MEMBACA